NGABENTENG DIRI TINA GOGODANA HAWA DUNYA*
Edisi Basa Sunda
Ku H. Widjaja Kartadiredja
Dampak negatif “era globalisasi”.
Sigana moal lepat lamun urang boga anggapan yen di jaman kiwari
ayana “episode baru” perjalanan bangsa anu disebut “era globalisasi”, mawa dodoja
dunya ka manusa anu beuki tambah rohaka, lantaran beuki tambah kuatna daya
tarik hawa dunya. Opat welas abad ka
tukang Nabi SAW dina sabdana eces
pisan negeskeun : “ari dunya teh bibit buitna pidosaeun”. Tangtos nu dimaksad
dunya di dieu, nya eta watekna dunya anu salawasna matak mawa pidosaeun, lamun
kataji ku eta dunya henteu dipapageran ku papagon agama. Atawa lamun mibanda dunya jeung makena eta
dunya teu didadasaran ku ugeran haram jeung halal.
Saenyana lamun urang terang kana tujuan
anu kakandung dina “era globalisasi” anu sabenerna, anu dikendali ku budaya
barat anu sifatna kapitalis jeung liberal, urang bakal ngarasa risi nyebut eta
istilah. Sabab tujuan sabenerna nu
kakandung dina eta istilah ibarat “pamuka lawang” pikeun asupna budaya
“materialistis” ka nagara-nagara “underdevelop”, nya eta nagara–nagara anu
masih keneh kawilang aya dina kaayaan “ketertinggalan”, kasup nagara
urang. Atawa lamun make istilah anu teu
didingding-kelir “cohagna mah” meureun tujuan era globalisasi teh teu beda
jeung “ngabarhalakeun pasar bebas dunya” keur kapentingan kaum kapitalis di
nagara-nagara miskin.
Ari faham kapitalisme anu sapihanean jeung liberalisme, nya eta ajaran
anu nganut kabebasan, anu buahna eta
kebebasan teh lain mangrupa kasugihan atawa kama’muran, tapi sabalikna mangrupa
karakter atawa sifat anu saur Sri-Edi
Swasono mah - pakar ekonomi karahayatan, disebat “yang kuat memangsa yang lemah”.
Buktina dina widang ekonomi kiwari, contona lain di pusat kota bae diwangun
mall-mall jeung supermarket ku anu ngabarogaan kapital, kalayan meunang pangrojong ti kalangan pangawasa, tapi diwangun di
sabudeuran kota, anu teu sakedik pangaruh na keur kaum pedagang
kecil anu kalindih lahan pacarian rejekina keur kahirupanana.
Lian ti eta, masarakat anu lain kalangan
ekonomi mapan oge kapangaruhan ku ‘’gaya hirup anu sifatna konsumtip”. Contona, anu sabiasa balanja kaperluan
sapopoena rumah tangga teh ka pasar tradisional, ayeuna mah ngabiasakeun balanja ka mall atawa supermarket.
Jadi singetna mah jiwa anu samar k akandung
dina tujuan “era globalisasi” ditingal tina kapentingan nagara-nagara
kapitalis, teu beda jeung ngahudangkeun karakter konsumerisme di nagara-nagara
miskin.
Sigana pikun kahareup mah kahade pisan
bangsa urang kudu wanti-wanti, ulah
kacolongan. Sanajan kiwari katingalna
siga pamohalan, bisi jaga eta supermarket ngarambah ka padesaan anu jumlahna
penduduk Indonesia 80% aya di padesaan.
Sabab masarakat padesaan kudu diberdayakeun bisa mandiri dina widang
ekonomi padesaan, dijauhkeun tina kahirupan budaya anu sifatna “konsumeristis”.
Ulah
kaeunteupan ku sifat nu matak mawa cilaka.
Kaayaan anu disebat di luhur,
hade pisan lamun ku urang ditapakuran, kalayan dijadikeun pepeling, keur
ngahudangkeun kasadrahan sangkan teu kapangaruhan ku sifat nu matak mawa
cilaka, lantaran kapati-pati kataji ku perhiasan dunya tepi ka wani ninggalkeun
papagon agama. Maksadna lain kudu ngajauhan ihtiar kana urusan dunya, tapi dina
nyanghareupan urusan dunya ulah tinggal tina
papagon agama, kalayan kudu ngabogaan sifat “wara” anu hartina ati-ati
ngabedakeun hukum haram jeung halal,
sangkan eta dunya teu matak cilaka, tapi
sabalikna mawa kamaslahatan keur kahirupan dunya sareng akherat.
Sapagodos sareng judul ieu seratan, kumaha solusina dina nyanghareupan kaayaan di
jaman kiwari, sangkan bisa ngabenteng diri tina gogodana hawa dunya. Keur bahan emutaneun dina milarian solusi,
yen jalma di jaman kiwari dina ngudag urusan dunya garis badagna mah aya dua
jalan nu dipilampah, nya eta : kahiji, jalma nu teu mirosea papagon
agama dina ngudag harta banda; kadua,
jalma nu ati-ati (“wara”) dina nyekel papagon agama dina ngihtiaran kabutuhan
dunya, anu disebat “jalmi zuhud”. Hayu
urang titenan eta dua jalan anu dipilampah, di handap ieu :
Kahiji, anu teu mirosea papagon
agama. Lamun urang bener-bener daek
nengetan kana kaayaan jaman kiwari, sigana teu kirang-kirang jalma anu teu
mirosea atawa anu ngalanggar papagon agama.
Diantarana anu jentre pisan katingalna ku masarakat, nya eta anu aya pakaitna jeung mentalitas
moral anu geus kacida meuceuhna di nagara urang, nya eta anu mangrupa “korupsi”,
anu eta pagawean teh malah dipilampah ku anu nyarekel amanah keur kapentingan
rahayat. Teu matak heran lamun aya nu
keur nyekel kakawasaan “dijerat hukum” ku aparat KPK pikeun dimenta
pertangungan jawab di Pangadilan Tipikor, anu teu sakedik di antara maranehna
geus diarasupkeun “ka jero bui” lantaran kabuktian milampah eta kajahatan.
Anu kacida diprihatinkeun ku bangsa
urang, lian ti eta laku lampah
ngarugikeun duit nagara atawa duit rahayat, oge ditingal tina sisi pangwangunan
moral, ari nu nyarekel kakawasaan teh kudu jalmi anu bisa dijadikeun panutan,
hartina jalmi anu kudu jadi picontoeun rahayat. Moal lepat lamun maranehna anu henteu
amanah, disebat jalmi anu ninggalkeun papagon agama keur ngudag nafsu dun-yawi,
anu disagigireun ngarugikeun bangsa jeung nagara, oge ngamalaratkeun bangsana
sorangan. Eta kalakuan kitu teh kudu jadi musuh bangsa, sanajan anu
milampahna bangsa sorangan keneh.
Kadua,
nu nyekel papagon agama. Ieu mah teu kedah dijelaskeun panjang lebar. Sabab jalmi anu pageuh nyekel papagon agama,
pasti jalmi anu sieun ku ancaman jeung siksaan Alloh, lantaran ayana iman jeung
takwa dina hatena, anu salawasna ngarasa
ditalingakeun ku Alloh sangkan henteu ngalanggar larangan agama, kalayan
salawasna aya dina payung panangtayungan Alloh SWT.
Nu mana jalma nu bisa ngabenteng diri tina
gogodana dunya di jaman kiwari, tangtu jalma anu nempuh jalan kadua, nya eta jalma nu nyekel papagon agama, sanajan
maranehna teu weleh kudu waspada ku jalan salawasna ningkatkeun iman jeung
takwa. Keur tapakuraneun dina
ningkatkeun iman jeung takwa, dina ieu seratan, urang sami-sami lenyepan
piwejang jalmi nu kagungan elmu luhung,
nya eta Syaikh Abdul Qadir Jailani, anu dina salah sahiji ceramahna dina
salapan abad ka tukang anu tug tepi ka
kiwari eta piwejang bisa dipake pieunteungeun, anu kasauranana kieu : “Kacida bagjana jalma anu deukeut ka Alloh,
anu tuluy sumerah diri, kalayan ninggalkeun hawa nafsu. Jeung ari jalma anu
disebat sampurna akalna, nya eta jalma anu tara nyangkeretkeun milampah amal
kasaean karana Alloh, bari teu miharep
pangwalesna ti manusa dina milampah eta kasaean”.
Salajengna saurna : “Ari
ucapan teh ibarat lengkah kahiji”, jeung “ari amalan teh lengkah kadua”. Ku dua lengkah eta, maneh bakal tepi ka Alloh, tapi saenyana anu
bakal tepi ka tempat tujuan, anging jalma anu gabogaan elmu jeung zuhud kana
urusan dunya”, boh lahirna boh batinna, sabab ari dunya teh osok mawa
panghalang kana deukeutna hate ka Alloh. Jalma nu pura-pura zuhud, ngaluarkeun
dunya ngan ukur ku panangan, hartina lain ku hate. Tapi sabalikna jalma anu bener-bener zuhud, malah
sanggup ngaluarkeun dunya tina hatena. Maranehna
zuhud kana urusan dunya ku hate maranehna, nepi ka eta kazuhudan ngajadikeun
watek dirina, boh lahirna boh batinna. Seuneu kazuhudan bakal ngadatangkeun sumanget ka maranehna pikeun
ngaleuleusan hate sangkan jauh tina mikacinta kana dunya jeung jauh kana
pidosaeun nu datangna tina urusan dunya”.
Kacindekan babaran dina ieu
seratan, nu kumaha jalma anu bisa ngabenteng diri tina dodoja hawa dunya? Ku tarik-tarikna hawa dunya di jaman kiwari,
rupina mung tiasa dipilampah ku jalan ngihtiaran sangkan salawasna bisa
nyaketkeun diri ka Alloh dibarengan ku
sifat zuhud, ninggalkeun hawa nafsu, loba milampah amal kahadean karana Alloh
bari teu miharep pangwales ti manusa, ngaleuleusan hate sangkan jauh tina
mikacinta kana dunya, kalayan istiqomah do’a nyuhunkeun pitulung Alloh.
Kitu babaran dina ieu seratan,
mugi aya mangpaatna. Aamiiin yaa rabbal
‘alamin.
Penulis, penyusun ebook kinerja dan nilai-nilai religi di
website, tinggal di Kota Cimahi, Jawa Barat, Indonesia.
dalam bentuk file silakan ambil disini
.
0 komentar:
Posting Komentar