Uploaded
June 26, 2013
NATAHAR
JALAN KASALAMETAN
(Khusus Pengantar Bahasa Sunda)
Split Materi
Khutbah No. 22 dari Buku Himpunan Khutbah Jum’at
SAMPAIKAN SERUANKU WALAU HANYA SATU AYAT
Author : H. Widjaja Kartadiredja
Assalamu ‘alaikum
wa rahmatullahi wa barakatuh.
ÉOó¡Î0 «!$# Ç`»uH÷q§9$# ÉOŠÏm§9$# ÇÊÈ
Ari nabi Musa teh nabi anu kangungan mu’jizat tiasa dialog
langsung sareng Gusti Allah. Abu Sa’id al-Khudzri
r.a. nerangkeun kasauran Rasulullah yen nalika nabi Musa dialog sareng
Gusti Allah, nabi Musa tumaros kieu : “Nun Gusti Pangeran
abdi, naha hamba Anjeun anu iman disangsarakeun hirupna di ieu dunya?”. Mangka
salah sahiji panto sawarga dibukakeun ku Allah keur ditingalikeun ka Musa, bari
Anjeunna ngadawuh : “Wahai Musa, nya ieu tempat anu ku Kaula disayagikeun
pikeun maranehna”.
Saparantos
Musa ningal kana eta tempat, Musa nyarita : “Nun
Pangeran abdi, demi kagagahan sareng kaagungan Anjeun, saupama dua dampal
panangan sareng dua dampal sampean jalmi-jalmi dipake nutupan raray maranehna ti kawit ku Anjeun diyugakeun dugi ka dinten kiyamah, bari maranehna terang kana tempat pangbalikanana jaga, tinangtu maranehna
moal ngalakonan milampah kagorengan
sakedik oge”.
Musa
tumaros deui: “Nun Gusti Pangeran abdi, naha jalma-jalma anu kafir dilapangkeun rezekina di ieu dunya?”.
Mangka salah sahiji panto naraka dibukakeun ku Allah bari ngadawuh kieu ka Musa : Wahai
Musa, nya ieu tempat anu dijangjikeun
ku Kaula pikeun maranehna”.
Dialog nabi Musa
sareng Gusti Allah anu kacatur di luhur ngandung atikan anu kacida saena pikeun
ditafakuran. Yen tujuan hirup manusa sanes keur ngudag
kadunyaan, anging keur ngudag kasalametan, anu hakekatna milari karidhoan Allah,
yen dunya anu kudu disiar teh taya lian keur bekel ibadah, sabab lamun teu make
dunya ibadah moal bisa sampurna.
Tapi nyatana
kalolobaan jalma lamun geus kalimpudan ku dunya sok poho kana ibadah. Malah anu leuwih bahya mah nya eta poho kana hakekat tujuan hirup. Jalma anu
kitu kaasup jalma anu “cinta dunya” anu ceuk basa Alqur’an mah disebut “hubbud dun-ya”.
Ari “hubbud-dun-ya”
teh nya eta kalakuan atawa pola hirup anu leuwih ngutamakeun kapentingan dunya batan
kapentingan akherat. Ancaman siksa
pikeun jalma “hubbud dun-ya” diantarana dawuhan Allah dina Surat Hud (QS. 11)
ayat 15 jeung 16 :
`tB tb%x. ߉ƒÌムno4quŠysø9$# $u‹÷R‘‰9$# $uhtFt^ƒÎ—ur Åe$uqçR öNÍköŽs9Î) öNßgn=»yJôãr& $pkŽÏù óOèdur $pkŽÏù Ÿw tbqÝ¡y‚ö7ムÇÊÎÈ
y7Í´¯»s9'ré& tûïÏ%©!$# }§øŠs9 öNçlm; ’Îû ÍotÅzFy$# žwÎ) â‘$¨Y9$# ( xÝÎ7ymur $tB (#qãèuZ|¹ $pkŽÏù ×@ÏÜ»tur $¨B (#qçR$Ÿ2 tbqè=yJ÷ètƒ ÇÊÏÈ
Anu
hartosna :
“Sing saha jalma
anu mikahayang kahirupan dunya katut papaesna, ku Allah baris dicumponan
saniskara anu ku maranehna diusahakeun di ieu dunya, kalayan maranehna moal
dirugikeun. Maranehna teh jalma-jalma anu di akheratna henteu meunang naon-naon
salian ti naraka, sarta mubadir saniskara anu ku maranehna geus diamalkeun”.
Saenyana jalma anu “hubbud dun-ya”
teh “disakompet-daunkeun” jeung jalma
anu “ingkar
ka Pangeran”`, sakumaha pidawuh Alloh dina Surat Ibrahim (QS. 14) ayat
2 sareng 3 :
«!$# “Ï%©!$# ¼ã&s! $tB †Îû ÏNºuq»yJ¡¡9$# $tBur ’Îû ÇÚö‘F{$# 3
×@÷ƒurur šúïÌÏÿ»s3ù=Ïj9 ô`ÏB 5>#x‹tã >‰ƒÏ‰x© ÇËÈ tûïÏ%©!$# tbq™7ÅstFó¡o„ no4quŠysø9$# $u‹÷R‘‰9$# ’n?tã ÍotÅzFy$# šcr‘‰ÝÁtƒur `tã È@‹Î6y™ «!$# $pktXqäóö7tƒur %¹`uqÏã 4
y7Í´¯»s9'ré& @»n=|Ê’Îû ¤‰‹Ïèt/ ÇÌÈ
Anu hartosna : “Allah, nya Anjeunna anu kagungan saniskara eusining langit katut bumi. Jeung kacilakaan pikeun jalma-jalma anu kafir
tina siksaan anu kacida bangetna. (Nya
eta) jalma-jalma anu leuwih senang ku kahirupan dunya ti batan kahirupan akherat.
Jeung ngahalangan batur tina
jalan Allah,
bari miharep sangkan anu di jalan Allah
nyimpang ti eta jalan, maranehna teh aya dina kasasaran anu jauh”
Dina eta ayat ditegeskeun, yen jalma-jalma anu mikacinta dunya kaasup
kana golongan jalma anu kacida
sasarna. Dina Alqur’an diterangkeun yen jalma anu cinta dunya dipintonkeun ku kalakuan atanapi pola hirupna kaum musyrikin kaum ahlul
kitab,
jeung kaum
munafiqin.
Pola
hirup Kaum Musyrikin.
Pola
hirup kaum musyrikin nya eta pola hirup anu
dipangaruhan ku kayakinan yen hirup teh ngan ukur di ieu dunya, anu hartina teu
ngayakinan kana ayana kahirupan sabada
maot. Dina Surat Al An’am (QS. 6) ayat
29 Allah SWT ngadawuh anu hartosna, Maranehna
ngaromong : “Taya deui hirup mah ngan
ukur di ieu dunya, jeung urang moal dihudangkeun deui”. Padahal dina Surat Al-An’am ayat 32 Allah SWT
ngadawuh ku basa kiasan, anu hartosna : “Jeung taya lian
kahirupan dunya teh ngan ukur kaulinan jeung anu matak mawa poho ka Alloh.
Jeung saenyana akherat mah leuwih hade pikeun jalma-jalma anu takwa”.
(QS.6 : 32)
Pikeun kaum muslimin moal bireuk
deui kana kalakuan
kaum musyrikin,
nya eta kalakuan atawa pola hirup anu
dipintonkeun ku suku
Quraisy di jaman jahilyah di Jazirah
Arab samemeh datangna Islam.
Pola hirup kaum Ahlul Kitab.
Nya
eta pola hirup atawa kalakuan anu
umumna dipintonkeun ku kaum Yahudi. Ari tujuan hirupna kaum Yahudi samata-mata
keur ngudag kasenangan dunya, anu ceuk
istilah modern mah disebut pola hirup “hedonistis”. Anu hartina pola
hirup anu samata-mata keur ngudag kasenangan dunya.
Pola hirup kaum Munafiqin.
Umumna pola hirup atawa kalakuan kaum Munafiqin
(jalma-jalma munapek) dipintonkeun ku kalakuan “hirup bermegah-megah” anu teu didadasaran ku iman jeung takwa, anu
watekna hayang nembongkeun paloba-loba
harta, paluhur-luhur pangkat, wibawa jeung kakawasaan, anu tujuan akhirna taya
lian keur ngumbar kahayang nyumponan
panarikna hawa dunya. Dina Surat At-Takatsur
(QS.102) Allah Swt jentre pisan negeskeun paringetan bahyana
hirup “bermegah-megah”, anu matak mawa poho ka
Allah tepi ka eta jalma asup ka liang kubur, hartosna dugi ka maot. Eta teh
buah tina sifat jeung kalakuan kaum munafiq bakating ku kuat-kuatna kasengsrem
ku daya tarikna dunya.
Kalakuan
atawa tabeat anu
samata-mata resep ngudag
kasenangan dunya, atanapi hirup
bermegah-megah teh,
pikeun jalma-jalma munafiq mah, eta
teh kaasup kana istilah “istidraaj”, nya eta istilah anu katingalna nembongkeun hiji
kapunjulan tina sisi lahiriahna, pada hal dina hakekatna mah mangrupa kaayaan
anu lambat-laun matak mawa kana kacilakaan.
Sedengkeun pikeun jalma-jalma anu iman jeung takwa ka Allah mah, yen dunya
atawa kani’matan teh mangrupa “fitnah” atawa “cobaan” keur nguji manusa dina jalan anu diridhoi ku Allah.
Hiji-hijina solusi.
Saenyana
pikeun jalma-jalma anu iman
jeung takwa, Alqur’an teh lian
ti ngandung pituduh ihwal aqidah,
ibadah, jeung sabangsana, Alqur’an teh ngandung bimbingan atawa atikan dina
soal akhlak, anu didadasaran ku parentah sareng pituduh Allah, sangkan laku
lampah manusa salawasna aya dina jalan anu
lempeng. Ku kituna, lamun di luhur tadi dipintonkeun
tilu kalakuan anu baris mawa kana karugian atawa kacilakaan, mangka pola hirup anu
baris mawa kana kasalametan,
nya eta pola hirup anu didadasaran ku pituduh Alloh dina Alqur’an, anu disebut pola hirup Islami. Tegesna, urang kudu ngayakinan yen
hiji-hijina papagon hirup anu baris nyalametkeun kahirupaan dunya sareng
akherat nya eta “pola hirup Islami”, anu
diuger ku hukum-hukum Allah dina syariat Islam.
Pikeun natahar atawa ngelelempeng jalan kasalametan, kaum
muslimin kudu ngayakinan yen hiji-hijina
“solusi” pikeun jalma jalma anu iman
jeung takwa, hartosna anu baris mawa
kasalametan kana kahirupan di dunya sareng di akherat, nya eta “pola hirup
Islami”. Salah sahiji pituduh Allah
diantawisna dawuhan Allah dina Surat Al
Qashash (QS.28) ayat 77 anu unina kieu :
Æ÷tGö$#ur !$yJ‹Ïù š9t?#uä ª!$# u‘#¤$!$# notÅzFy$# (
Ÿwur š[Ys? y7t7ŠÅÁtR šÆÏB $u‹÷R‘‰9$# (
`Å¡ômr&ur !$yJŸ2 z`|¡ômr& ª!$# šø‹s9Î) (
Ÿwur Æ÷ö7s? yŠ$|¡xÿø9$# ’Îû ÇÚö‘F{$# (
¨bÎ) ©!$# Ÿw =Ïtä† tûïωšøÿßJø9$# ÇÐÐÈ
Hartosna
: “Jeung geura gunakeun saniskara anu geus dipaparinkeun ku
Allah ka andika pikeun nagri akherat,
sarta poma andika ulah poho bagian
andika tina dunya. Jeung poma andika
ulah nyieun karuksakan di ieu bumi, karana saestuna Allah henteu misuka jalma-jalma anu nimbulkeun karuksakan”.
(QS.28 : 77).
Ayat
anu di luhur ngandung tilu ma’na
utama nya eta :
Kahiji,
ayana sikep hirup, anu didadasaran
nilai-nilai keseimbangan antara tujuan kapentingan dunya sareng tujuan
kepentingan akherat.
Kadua,
salawasna milampah kahadean (anu disebat “ihsan”) dina sagala hal, sangkan jadi
jalmi anu mukhsin.
Katilu,teu ngabogaan sifat atawa laku lampah nu
ngaruksak, boh kana anu aya patalina jeung alam lingkungan, nilai-nilai
moral, jeung aspek-aspek sanesna dina kahirupan, kaasup dina miara tatanan kahirupan
bangsa jeung nagara ku anu nyarekel kakawasaan.
Hiji
kanyataan anu ku urang kudu ditafakuran, yen bangsa
urang teh geus kacida jauhna dipangaruhan ku budaya barat, anu falsafah hirupna
ngagungkeun kapentingan dunya. Kiwari
pola pandang bangsa urang umumna, lir geus condong kana ngahargaan
nilai-nilai materi batan nilai-nilai ukhrawi.
Ayana parobahan pola pandang anu dipecut ku kamajuan elmu pengetahuan
jeung teknologi khususna dina widang komunikasi, lamun henteu dibarengan ku kasiapan “daya
tangkal” pikeun nyegah “sisi negatifna” (sanajan teu sakedik mangfaatna elmu
pengetahuan jeung teknolog di jaman kiwari), sadrah atawa henteu eta pangaruh negatif bakal mangaruhan atawa ngotoran kana kamurnian nilai-nilai
islami.
Dina
ieu kasempetan, Khatib umajak pangpangna ka diri khatib pribadi umumna ka kaum
muslimin sidang jum’at anu dimulyakeun ku Allah, hayu urang candak cindekna eusi ieu khutbah, keur natahar atanapi ngalelempeng
jalan hirup anu bakal mawa kasalameten di dunya jeung di akherat, nganggo papagon pidawuh Allah anu kaunggel dina
surat Al-Qashash ayat 77, nya eta :
1) Dina
kahirupan sadidinten henteu lesot tina pamadegan kayakinan ayana kasaimbangan antara tujuan tujuan
keur kamaslahan di dunya
sareng tujuan keur kasalametan di
akherat. Papagonna, “Jeung geura gunakeun
saniskara anu geus dipaparinkeun ku Allah
ka andika pikeun nagri akherat”.
2)
Milampah kahadean
dina sagala perkara, anu kadarna numutkeun ukuran kamampuhan, anu didadasaran
ku kaikhlasan.
3)
Henteu milampah karuksakan, boh kana perkara anu aya kaitan jeung alam lingkungan,
nilai-nilai moral jeung akhlak.
Anu
kedah jadi catetan penting pikeun
umat muslim ihwal ma’na kawajiban “ngajauhan karuksakan” teh
lain ngan ukur kawajiban umat anu hukumna fardlu ‘ain, tapi lian ti eta dina
segi pranata kanagaraan. Boh di jajaran eksekutif (anu ngajalankeun
pamarentahan),
boh di jajaran legislatif (anu nyieun
sagala aturan), boh di jajaran yudikatif (anu mancegkeun kaadilan), rahayat teh hatena cumeluk,
miharep ka anu nyarekel amanah
ngaheuyeuk dayeuh ngolah nagara, ulah nyieun karuksakan dina eta amanah, anu matak jadi panghalang dina
mancegkeun kaadilan jeung ngaronjatkeun karaharjaan. Sabab eta amanah teh kacida beuratna keur mertanggung-jawabkeunana
di payuneun Allah
Swt jaga di yaumal qiyamah.
Mudah-mudahan ieu khutbah aya
mangfaatna.
Barakalaahu
lii wa lakum fi Qur’aanil adhiim, wa
nafaanii wa iyyaakum bimaa fiihi minal aayaati wadz-dzikril hakim. Wa taqabbala minnii wa minkum, tilaa watahu
innahu huwas-samii’’ul aliim.1
Catatan : Untuk
pembaca blog ini di situs internet, beberapa hari lagi kita akan memasuki bulan
suci Ramadhan, kepada sesama muslim dan muslimat di mana saja berada, kita
ucapkan “Selamat menunaikan ibadah Puasa”. Semoga di bulan yang penuh barokah ini
kita dapat menafakuri diri yang tak
pernah luput dari dosa dan kesalahan di hadapan Allah Swt. Penulis sisipkan di blog ini, Syaikh Abdul
Qadir Al-Jailani, seorang waliyullah, berkata : “Bertobatlah kamu kepada
Allah dengan hati, kemudian dengan lidahmu.
Tobat adalah kebulatan hati, kemudian mengalahkan nafsu, keinginan, syaitan,
dan kawan-kawanmu yang buruk. Jika kamu bertobat, berati kamu akan mengubah
pendengaran, penglihatan, lidah, hati, dan seluruh anggota badanmu, disamping
membersihkan makanan dan minuman dari yang haram maupun yang subhat. Bahkan kamu pun harus berhati-hati dalam mencari
nafkah dan dalam jual beli”. Mudah-mudahan
lewat bulan suci Ramadhan, nasihat ini dapat
kita amalkan. Aamiin, yaa rabbal ‘alamiin.
“Sampaikan
Seruanku Walau
Hanya Satu Ayat”.
Sabda Baginda Nabi Saw tersebut
di atas dipakai
judul buku (himpunan transkrip) khutbah
Jum’at, isi 45 judul Khutbah, tebal 678 halaman ukuran 14,5 x 21 cm, untuk bahan khutbah selama satu tahun, dilengkapi penjelasan Rukun Khutbah yang sangat berguna
bagi mereka yang tertarik dengan syiar Islam “terutama bagi kalangan
pemula”. Juga selain materi untuk bahan
khutbah, bermanfaat untuk “bahan bacaan keluarga”. Diberi Pengantar oleh Almukarom KH. Enjang Nasrullah, Pimpinan Harian” Pondok
Pesantren Almusyahadah” Jalan Raya
Cilember 27, Kota Cimahi, Jawa
Barat, Indonesia.
Harga
Rp. 140 ribu (termasuk ongkos kirim khusus di wilayah Jawa Barat).
Promosi
dalam menyambut bulan Suci Ramadhan 1434 H, harga Rp. 100 ribu.
Peminat dapat menghubungi Budiawati Wijaya 0853 1508 0481, atau Facebook a.n. Budiawati Wijaya, dan
SMS via 0821 1798 3181 Nia Kurniawati.
0 komentar:
Posting Komentar