Senin, 03 Agustus 2009

KONTEMPLASI (edisi sunda)

contep-sd
E-book Kontemplasi nya eta seratan anu ngandung bahan tapakuraneun ihwal kakawasaan sareng kaagungan Alloh di jagat raya, anu nyandak dadasarna tina Alqur’an nya eta anu disebat ayat-ayat kauniyah. Ayat kauniyah teh nya eta dawuhan Allah dina Alqur’an anu nerangkeun hukum-hukum alam anu aya patalina sareng “fenomena” atanapi “gejala-gejala” alam anu kasaksian ku urang dina sadidintenna. Contona, ayana beurang jeung peuting, ayana piligentina “musim” di permukaan bumi, ayana gerhana matahari, gerhana bulan, gempa bumi jeung sajabana, eta kabeh kaasup kana hukum-hukum alam anu tos ditetepkeun ku Allah keur ngatur kahirupan di ieu alam, anu katangtuanana tos diisaratkeun dina Alqur’an.
Numuntkeun panalungtikan para ahli, dina Alqur’an teh aya lewih ti 1000 ayat kauniyah, diantaranya teu kurang ti 461 ayat kauniyah anu nerangkeun ihwal bumi jeung kahirupan mahluk di bumi. Eta katerangan teh kantos di wartakeun ku DR. Jaghlul al-Najjar, Profesor Geologi ti Universitas Raja Fahd (King Fahd University), Saudi Arabia, dina Seminar Internasional anu temana “Mu’jizat Alqur’an jeung As-Sunnah dina widang elmu pengaweruh jeung teknologi”, anu diayakeun di Bandung, kalayan nyandak tempat di PT. Industri Pesawat Terbang Nusantara (ayeuna PT. Dirgantara Indonesia), anu mangrupa gawe bareng antara ICMI sareng Rabithah Alam Islami, Saudi Arabia, dina taun 1994.
E-book anu dipidangkeun ngandung tema anu aya kaitan sareng tawaf di payuneun Ka’bah Baitulloh, nya eta imah (tempat ibadah) anu pangheulana diadegkeun pikeun manusa aribadah ka Allah di ieu alam, anu diterangkeun ku pidawuh Alloh dina Serat Ali Imran (QS. 3) ayat 96. Lamun dikaitkeun sareng makna kauniyah, tawaf ngurilingan Ka’bah teh lian ti ngandung ma’na ritual ibadah, tunduk, taat, kalayan sumujud dipayuneun kaagungan Alloh, oge ngandung ma’na kauniyah, nya eta napakuran alam ciptaan Alloh, anu hartina napakuran kana kakawasaan sareng kaagungan Alloh di jagat raya. Aya peligentina beurang jeung peuting, piligentina musim dipermukaan bumi, nandakeun yen aya hukum-hukum alam anu ngatur kahirupan manusia anu kudu dikanyahokeun ku manusa sangkan aya kasaimbangan antara tujuan kahirupan di dunya jeung tujuan kahirupan di akherat. Singetna, yen tawaf ngurilingan Ka’bah teh lian ti ngandung ma’na ritual ibadah, oge ngandung ma’na kauniyah, nya eta napakuran kakawasaan sareng kaagung Alloh di jagat raya.
Napakuran jeung mikir kana ihwal kakawasaan sareng kaagungan Alloh di jagat raya “konotasina” sami sareng “berfikir dalam tataran dzikrullah” anu kacika dipisukana ku Alloh. Dina Hadits Qudsi Alloh ngadawuh : “Annallaha khalaqal insaana li ma’rifatihi”, yang maknanya “Teu samata-mata Kami (Alloh) ngayugakeun manusa, anging sangkan maranehna ma’rifat ka Kami”.
Topik materi e-book, nya eta : 1) Ihwal ayat-ayat kauniyah; 2) Isarat-isarat Alqur’an; 3) Topan di Jaman Nabi Nuh; 4) Naha eta teh Planet Muntaha?; 5) Ngabayangkeun legana wewengkon tata surya jeung galaksi; 6) Sumujud di payuneun Keagungan Alloh; 7) Ma’na Tawaf ngurilingan Ka’bah; Dina Ritual Tawaf kakandung Isarat Ilmiah.

Saha anu ngersakeun kana ieu ebook, mangga nga-download. klik kotak "Ebook Kontemplasi” (Basa Indonesia, atanapi Basa Sunda), gratis. Mugia aya mangpaatna. 

Catatan kanggo para peminat ebook :

-----------------------------------------------------------------------------------
Catatan :
Sebagian dari penjualan ebook bidang Agama (utem 2,3,4), akan di-infaq-kan kepada yatim piatu dan kaum duafa dari atas nama para pembeli ebook, a.l. akan disalurkan lewat Yayasan Pemberdayaan Masyarakat Desa “Purwadaksina” (alamat : Kantor Pusat Jl. Titiran No. 16 Bandung, dan Kantor Cabang Jl. H. Abdullah No. 2 Desa Cisontrol, Kecamatan Rancah, Kabupaten Ciamis, Jawa Barat, Indonesia). Untuk cross check melalui email : widiakertapranata@yahoo.co.id 

------------------------------------------------------------------------------------
Continue Reading...
 

www.widiakertapranata.com Copyright © 2009 Girlymagz is Designed by Bie Girl Vector by Ipietoon