Selasa, 25 Juni 2013

Nilai-nilai Religi - 14





Uploaded June 26, 2013
    Nilai-nilai Religi - 14
NATAHAR JALAN KASALAMETAN
(Khusus Pengantar Bahasa Sunda)
Split Materi Khutbah No. 22 dari Buku Himpunan Khutbah Jum’at
SAMPAIKAN SERUANKU WALAU HANYA SATU AYAT

Author :  H.  Widjaja Kartadiredja

Assalamu ‘alaikum wa rahmatullahi wa barakatuh.
ÉOó¡Î0 «!$# Ç`»uH÷q§9$# ÉOŠÏm§9$# ÇÊÈ
Ari nabi Musa teh nabi anu kangungan mu’jizat tiasa dialog langsung sareng Gusti Allah. Abu Sa’id al-Khudzri r.a. nerangkeun kasauran Rasulullah yen nalika nabi Musa dialog sareng Gusti Allah, nabi Musa tumaros kieu : Nun Gusti Pangeran abdi, naha hamba Anjeun anu iman disangsarakeun hirupna di ieu dunya?”.  Mangka salah sahiji panto sawarga dibukakeun ku Allah keur ditingalikeun ka Musa, bari Anjeunna ngadawuh : “Wahai Musa, nya ieu tempat anu ku Kaula disayagikeun pikeun maranehna”. 
Saparantos Musa ningal kana eta tempat, Musa nyarita : “Nun Pangeran abdi, demi kagagahan sareng kaagungan Anjeun, saupama dua dampal panangan sareng dua dampal sampean jalmi-jalmi dipake nutupan raray maranehna ti kawit ku Anjeun diyugakeun dugi ka dinten kiyamah, bari maranehna terang kana tempat pangbalikanana jaga, tinangtu maranehna moal ngalakonan milampah kagorengan  sakedik oge”.
Musa tumaros deui:  “Nun Gusti Pangeran abdi, naha jalma-jalma anu kafir dilapangkeun rezekina di ieu dunya?”. Mangka salah sahiji panto naraka dibukakeun ku Allah bari ngadawuh kieu ka Musa : Wahai Musa, nya ieu tempat anu dijangjikeun ku Kaula pikeun maranehna”. 
Dialog nabi Musa sareng Gusti Allah anu kacatur di luhur ngandung atikan anu kacida saena pikeun ditafakuran.    Yen tujuan hirup manusa sanes keur ngudag kadunyaan, anging keur ngudag kasalametan, anu hakekatna milari karidhoan Allah, yen dunya anu kudu disiar teh taya lian keur bekel ibadah, sabab lamun teu make dunya ibadah moal bisa sampurna. 
Tapi nyatana kalolobaan jalma lamun geus kalimpudan ku dunya sok poho kana ibadah.  Malah anu leuwih bahya mah nya eta  poho kana hakekat tujuan hirup. Jalma anu kitu kaasup jalma anu “cinta dunya” anu ceuk basa  Alqur’an mah disebut “hubbud dun-ya”. 
Ari “hubbud-dun-ya” teh nya eta kalakuan atawa pola hirup anu leuwih ngutamakeun kapentingan dunya batan kapentingan akherat.  Ancaman siksa pikeun jalma “hubbud dun-ya” diantarana dawuhan Allah dina Surat Hud (QS. 11) ayat 15 jeung 16 : 
  `tB tb%x. ߃̍ムno4quŠysø9$# $u÷R9$# $uhtFt^ƒÎur Åe$uqçR öNÍköŽs9Î) öNßgn=»yJôãr& $pkŽÏù óOèdur $pkŽÏù Ÿw tbqÝ¡yö7ム    ÇÊÎÈ
y7Í´¯»s9'ré& tûïÏ%©!$# }§øŠs9 öNçlm; Îû ÍotÅzFy$# žwÎ) â$¨Y9$# ( xÝÎ7ymur $tB (#qãèuZ|¹ $pkŽÏù ×@ÏÜ»tur $¨B (#qçR$Ÿ2 tbqè=yJ÷ètƒ ÇÊÏÈ
Anu hartosna :
“Sing saha jalma anu mikahayang kahirupan dunya katut papaesna, ku Allah baris dicumponan saniskara anu ku maranehna diusahakeun di ieu dunya, kalayan maranehna moal dirugikeun. Maranehna teh jalma-jalma anu di akheratna henteu meunang naon-naon salian ti naraka, sarta mubadir saniskara anu ku maranehna geus diamalkeun”.
Saenyana jalma anu “hubbud dun-ya” teh “disakompet-daunkeun”  jeung jalma anu “ingkar ka Pangeran”`, sakumaha pidawuh Alloh dina Surat Ibrahim (QS. 14) ayat 2 sareng 3 :
  «!$# Ï%©!$# ¼ã&s! $tB Îû ÏNºuq»yJ¡¡9$# $tBur Îû ÇÚöF{$# 3 ×@÷ƒurur šúï̍Ïÿ»s3ù=Ïj9 ô`ÏB 5>#xtã >ƒÏx© ÇËÈ  tûïÏ%©!$# tbq7ÅstFó¡o no4quŠysø9$# $u÷R9$# n?tã ÍotÅzFy$# šcrÝÁtƒur `tã È@Î6y «!$# $pktXqäóö7tƒur %¹`uqÏã 4 y7Í´¯»s9'ré& @»n=|ÊÎû ¤Ïèt/ ÇÌÈ
Anu hartosna :  “Allah, nya Anjeunna anu kagungan saniskara eusining  langit katut bumi.  Jeung kacilakaan pikeun jalma-jalma anu kafir tina siksaan anu kacida bangetna.  (Nya eta) jalma-jalma anu leuwih senang ku kahirupan dunya ti batan kahirupan akherat. Jeung ngahalangan batur tina jalan Allah, bari miharep sangkan anu di jalan Allah nyimpang ti eta jalan, maranehna teh aya dina kasasaran anu jauh”
        Dina eta ayat ditegeskeun, yen jalma-jalma anu mikacinta dunya kaasup kana golongan jalma anu kacida sasarna. Dina Alqur’an diterangkeun yen jalma anu cinta dunya  dipintonkeun ku kalakuan atanapi pola hirupna kaum musyrikin kaum ahlul kitab, jeung kaum   munafiqin.                                                            
Pola hirup Kaum Musyrikin.
Pola hirup kaum  musyrikin nya eta pola hirup anu dipangaruhan ku kayakinan yen hirup teh ngan ukur di ieu dunya, anu hartina teu ngayakinan kana  ayana kahirupan sabada maot.  Dina Surat Al An’am (QS. 6) ayat 29 Allah SWT ngadawuh anu hartosna, Maranehna ngaromong : “Taya deui hirup mah ngan ukur di ieu dunya, jeung urang moal dihudangkeun deui”.  Padahal dina Surat Al-An’am ayat 32 Allah SWT ngadawuh ku basa kiasan, anu hartosna : “Jeung taya lian kahirupan dunya teh ngan ukur kaulinan jeung anu matak mawa poho ka Alloh. Jeung saenyana akherat mah leuwih hade pikeun jalma-jalma anu takwa”. (QS.6  : 32)
Pikeun kaum muslimin moal bireuk deui kana kalakuan kaum musyrikin, nya eta kalakuan atawa pola hirup anu dipintonkeun ku suku Quraisy di jaman jahilyah di Jazirah Arab samemeh datangna Islam. 
Pola hirup kaum Ahlul Kitab.
         Nya eta pola hirup atawa kalakuan anu umumna dipintonkeun ku kaum Yahudi. Ari tujuan hirupna kaum Yahudi samata-mata keur ngudag kasenangan dunya, anu ceuk istilah modern mah disebut pola hirup “hedonistis”.  Anu hartina pola hirup anu samata-mata keur ngudag kasenangan dunya.
Pola hirup kaum Munafiqin. 
Umumna pola hirup atawa kalakuan kaum Munafiqin (jalma-jalma munapek)   dipintonkeun ku  kalakuan “hirup bermegah-megah” anu teu didadasaran ku iman jeung takwa, anu watekna hayang nembongkeun paloba-loba harta, paluhur-luhur pangkat, wibawa jeung kakawasaan, anu tujuan akhirna taya lian keur ngumbar kahayang nyumponan panarikna hawa dunya. Dina Surat At-Takatsur (QS.102) Allah Swt jentre pisan negeskeun paringetan bahyana hirup “bermegah-megah”, anu matak mawa poho ka Allah tepi ka eta jalma asup ka liang kubur, hartosna dugi ka maot.   Eta teh buah tina sifat jeung kalakuan kaum munafiq bakating ku kuat-kuatna kasengsrem ku daya tarikna dunya. 
Kalakuan atawa tabeat anu samata-mata resep ngudag kasenangan dunya, atanapi hirup bermegah-megah teh, pikeun jalma-jalma munafiq mah, eta teh  kaasup kana istilah “istidraaj”, nya eta istilah anu katingalna nembongkeun hiji kapunjulan tina sisi lahiriahna, pada hal dina hakekatna mah mangrupa kaayaan anu lambat-laun matak mawa kana kacilakaan.  Sedengkeun pikeun jalma-jalma anu iman jeung takwa ka Allah  mah, yen dunya atawa kani’matan teh mangrupa “fitnahatawa “cobaan” keur nguji manusa dina  jalan anu diridhoi ku Allah. 
Hiji-hijina solusi.
Saenyana pikeun jalma-jalma anu iman jeung takwa, Alqur’an teh lian ti ngandung pituduh ihwal aqidah, ibadah, jeung sabangsana, Alqur’an teh ngandung bimbingan atawa atikan dina soal akhlak, anu didadasaran ku parentah sareng pituduh Allah, sangkan laku lampah manusa salawasna aya dina jalan anu lempeng.  Ku kituna, lamun di luhur tadi dipintonkeun tilu kalakuan anu baris mawa kana karugian atawa kacilakaan, mangka pola hirup anu baris mawa kana kasalametan, nya eta pola hirup anu didadasaran ku pituduh Alloh dina Alqur’an, anu disebut pola hirup Islami.  Tegesna, urang kudu ngayakinan  yen hiji-hijina papagon hirup anu baris nyalametkeun kahirupaan dunya sareng akherat  nya eta “pola hirup Islami”, anu diuger ku hukum-hukum Allah dina syariat Islam.
Pikeun natahar atawa ngelelempeng jalan kasalametan, kaum muslimin kudu ngayakinan yen hiji-hijina  “solusi” pikeun jalma jalma anu iman jeung takwa, hartosna anu baris mawa kasalametan kana kahirupan di dunya sareng di akherat, nya eta “pola hirup Islami”. Salah sahiji  pituduh Allah diantawisna dawuhan Allah dina Surat Al Qashash (QS.28) ayat 77 anu unina kieu : 
Æ÷tGö$#ur !$yJÏù š9t?#uä ª!$# u#¤$!$# notÅzFy$# ( Ÿwur š[Ys? y7t7ŠÅÁtR šÆÏB $u÷R9$# ( `Å¡ômr&ur !$yJŸ2 z`|¡ômr& ª!$# šøs9Î) ( Ÿwur Æ÷ö7s? yŠ$|¡xÿø9$# Îû ÇÚöF{$# ( ¨bÎ) ©!$# Ÿw =Ïtä tûïÏÅ¡øÿßJø9$# ÇÐÐÈ
Hartosna : “Jeung geura gunakeun saniskara anu geus dipaparinkeun ku Allah ka andika pikeun nagri akherat, sarta poma andika ulah poho  bagian andika tina dunya.  Jeung poma andika ulah nyieun karuksakan di ieu bumi, karana saestuna Allah henteu misuka jalma-jalma anu nimbulkeun karuksakan”. (QS.28  : 77).

Ayat anu di luhur ngandung tilu ma’na utama nya eta : 
Kahiji, ayana sikep hirup, anu didadasaran nilai-nilai keseimbangan antara tujuan kapentingan dunya sareng tujuan kepentingan akherat.  
Kadua, salawasna milampah kahadean (anu disebat “ihsan”) dina sagala hal, sangkan jadi jalmi anu mukhsin.
Katilu,teu ngabogaan sifat atawa laku lampah nu ngaruksak, boh kana anu aya patalina jeung alam lingkungan, nilai-nilai moral, jeung aspek-aspek sanesna dina kahirupan, kaasup dina miara tatanan kahirupan bangsa jeung nagara ku anu nyarekel kakawasaan. 
Hiji kanyataan anu ku urang kudu ditafakuran,  yen bangsa urang teh geus kacida jauhna dipangaruhan ku budaya barat, anu falsafah hirupna ngagungkeun kapentingan dunya.  Kiwari pola pandang bangsa urang umumna, lir geus condong kana ngahargaan nilai-nilai materi batan nilai-nilai ukhrawi.  Ayana parobahan pola pandang anu dipecut ku kamajuan elmu pengetahuan jeung teknologi khususna dina widang komunikasi, lamun henteu dibarengan ku kasiapan “daya tangkal” pikeun nyegah “sisi negatifna” (sanajan teu sakedik mangfaatna elmu pengetahuan jeung teknolog di jaman kiwari), sadrah atawa henteu eta pangaruh negatif bakal mangaruhan atawa ngotoran kana kamurnian nilai-nilai islami.          
Dina ieu kasempetan, Khatib umajak pangpangna ka diri khatib pribadi umumna ka kaum muslimin sidang jum’at anu dimulyakeun ku Allah, hayu urang candak  cindekna eusi ieu khutbah, keur natahar atanapi ngalelempeng jalan hirup anu bakal mawa kasalameten di dunya jeung di akherat, nganggo papagon pidawuh Allah anu kaunggel dina surat Al-Qashash ayat 77, nya eta :
1)  Dina kahirupan sadidinten henteu lesot tina pamadegan kayakinan ayana kasaimbangan antara tujuan  tujuan keur kamaslahan di dunya sareng tujuan keur kasalametan di akherat.  Papagonna, “Jeung geura gunakeun saniskara anu geus dipaparinkeun ku Allah ka andika pikeun nagri akherat”.   
2)  Milampah kahadean dina sagala perkara, anu kadarna numutkeun ukuran kamampuhan, anu didadasaran ku kaikhlasan.
3) Henteu milampah karuksakan, boh kana perkara anu aya kaitan jeung alam lingkungan, nilai-nilai moral jeung akhlak.  
Anu kedah jadi catetan penting pikeun umat muslim ihwal  ma’na kawajiban “ngajauhan karuksakan” teh lain ngan ukur kawajiban umat anu hukumna fardlu ‘ain, tapi lian ti eta dina segi pranata kanagaraan.  Boh di jajaran eksekutif (anu ngajalankeun pamarentahan), boh di jajaran legislatif (anu nyieun sagala aturan),  boh di jajaran yudikatif (anu mancegkeun kaadilan), rahayat teh hatena cumeluk, miharep ka anu nyarekel  amanah ngaheuyeuk dayeuh ngolah nagara, ulah nyieun karuksakan dina eta amanah, anu matak jadi panghalang dina mancegkeun kaadilan jeung ngaronjatkeun karaharjaan.  Sabab eta amanah teh kacida beuratna keur mertanggung-jawabkeunana di payuneun Allah Swt  jaga di yaumal qiyamah.
          Mudah-mudahan ieu khutbah aya mangfaatna.
Barakalaahu lii wa lakum fi Qur’aanil adhiim, wa  nafaanii wa iyyaakum bimaa fiihi minal aayaati  wadz-dzikril hakim.  Wa taqabbala minnii wa minkum,  tilaa watahu  innahu huwas-samii’’ul aliim.1


Catatan :  Untuk pembaca blog ini di situs internet, beberapa hari lagi kita akan memasuki bulan suci Ramadhan, kepada sesama muslim dan muslimat di mana saja berada, kita ucapkan “Selamat menunaikan ibadah Puasa”.  Semoga di bulan yang penuh barokah ini kita  dapat menafakuri diri yang tak pernah luput dari dosa dan kesalahan di hadapan Allah Swt.  Penulis sisipkan di blog ini, Syaikh Abdul Qadir Al-Jailani, seorang waliyullah, berkata : “Bertobatlah kamu kepada Allah dengan hati, kemudian dengan lidahmu.  Tobat adalah kebulatan hati, kemudian mengalahkan nafsu, keinginan, syaitan, dan kawan-kawanmu yang buruk. Jika kamu bertobat, berati kamu akan mengubah pendengaran, penglihatan, lidah, hati, dan seluruh anggota badanmu, disamping membersihkan makanan dan minuman dari yang haram maupun yang subhat.  Bahkan kamu pun harus berhati-hati dalam mencari nafkah dan dalam jual beli”. Mudah-mudahan lewat bulan suci Ramadhan,  nasihat ini dapat kita amalkan. Aamiin, yaa rabbal ‘alamiin.  



 “Sampaikan Seruanku  Walau
 Hanya Satu Ayat”.

   
Sabda Baginda Nabi Saw tersebut di atas    dipakai judul  buku (himpunan transkrip) khutbah Jum’at,  isi 45 judul Khutbah, tebal 678 halaman ukuran 14,5 x 21 cm, untuk bahan khutbah selama satu tahun, dilengkapi  penjelasan Rukun Khutbah yang sangat berguna bagi mereka yang tertarik dengan syiar Islam “terutama bagi kalangan pemula”.  Juga selain materi untuk bahan khutbah,  bermanfaat  untuk “bahan bacaan keluarga”.  Diberi Pengantar oleh Almukarom  KH. Enjang Nasrullah, Pimpinan Harian” Pondok Pesantren Almusyahadah” Jalan Raya  Cilember  27, Kota Cimahi, Jawa Barat, Indonesia.
Harga Rp. 140 ribu (termasuk ongkos kirim khusus  di wilayah Jawa Barat).
Promosi dalam menyambut bulan Suci Ramadhan 1434 H, harga Rp. 100 ribu.
Peminat dapat menghubungi Budiawati Wijaya 0853 1508 0481, atau Facebook a.n. Budiawati Wijaya, dan SMS via 0821 1798 3181 Nia Kurniawati.





Continue Reading...
 

www.widiakertapranata.com Copyright © 2009 Girlymagz is Designed by Bie Girl Vector by Ipietoon