Senin, 08 September 2014

NGABENTENG DIRI TINA GOGODANA HAWA DUNYA*


NGABENTENG DIRI TINA GOGODANA HAWA DUNYA*
Edisi Basa Sunda
                            
Ku H. Widjaja Kartadiredja


Dampak negatif  “era globalisasi”.
     Sigana moal lepat  lamun urang boga anggapan yen di jaman kiwari ayana “episode baru” perjalanan bangsa anu disebut “era globalisasi”, mawa dodoja dunya ka manusa anu beuki tambah rohaka, lantaran beuki tambah kuatna daya tarik hawa dunya.  Opat welas abad ka tukang Nabi SAW dina sabdana eces pisan negeskeun : “ari dunya teh bibit buitna pidosaeun”. Tangtos nu dimaksad dunya di dieu, nya eta watekna dunya anu salawasna matak mawa pidosaeun, lamun kataji ku eta dunya henteu dipapageran ku papagon agama.  Atawa lamun mibanda dunya jeung makena eta dunya teu didadasaran ku ugeran haram jeung halal.
      Saenyana lamun urang terang kana tujuan anu kakandung dina “era globalisasi” anu sabenerna, anu dikendali ku budaya barat anu sifatna kapitalis jeung liberal, urang bakal ngarasa risi nyebut eta istilah.  Sabab tujuan sabenerna nu kakandung dina eta istilah ibarat “pamuka lawang” pikeun asupna budaya “materialistis” ka nagara-nagara “underdevelop”, nya eta nagara–nagara anu masih keneh kawilang aya dina kaayaan “ketertinggalan”, kasup nagara urang.   Atawa lamun make istilah anu teu didingding-kelir “cohagna mah” meureun tujuan era globalisasi teh teu beda jeung “ngabarhalakeun pasar bebas dunya” keur kapentingan kaum kapitalis di nagara-nagara miskin.
     Ari faham kapitalisme anu sapihanean jeung liberalisme,   nya eta ajaran anu nganut kabebasan, anu buahna eta kebebasan teh lain mangrupa kasugihan atawa kama’muran, tapi sabalikna mangrupa karakter atawa sifat anu saur Sri-Edi Swasono mah - pakar ekonomi karahayatan, disebat “yang kuat memangsa yang lemah”. Buktina dina widang ekonomi kiwari, contona lain di pusat kota bae diwangun mall-mall jeung supermarket ku anu ngabarogaan kapital, kalayan meunang pangrojong ti kalangan pangawasa, tapi diwangun di sabudeuran kota, anu teu sakedik pangaruh                     na keur kaum pedagang kecil anu kalindih lahan pacarian rejekina keur kahirupanana. 
      Lian ti eta, masarakat anu lain kalangan ekonomi mapan oge kapangaruhan ku ‘’gaya hirup anu sifatna konsumtip”.  Contona, anu sabiasa balanja kaperluan sapopoena rumah tangga teh ka pasar tradisional, ayeuna mah  ngabiasakeun balanja ka mall atawa supermarket.
     Jadi singetna mah jiwa anu samar k akandung dina tujuan “era globalisasi” ditingal tina kapentingan nagara-nagara kapitalis, teu beda jeung ngahudangkeun karakter konsumerisme di nagara-nagara miskin. 
     Sigana pikun kahareup mah kahade pisan bangsa urang kudu wanti-wanti,  ulah kacolongan.  Sanajan kiwari katingalna siga pamohalan, bisi jaga eta supermarket ngarambah ka padesaan anu jumlahna penduduk Indonesia 80% aya di padesaan.  Sabab masarakat padesaan kudu diberdayakeun bisa mandiri dina widang ekonomi padesaan, dijauhkeun tina kahirupan budaya anu sifatna “konsumeristis”.
Ulah kaeunteupan ku sifat nu matak mawa cilaka.
     Kaayaan anu disebat di luhur, hade pisan lamun ku urang ditapakuran, kalayan dijadikeun pepeling, keur ngahudangkeun kasadrahan sangkan teu kapangaruhan ku sifat nu matak mawa cilaka, lantaran kapati-pati kataji ku perhiasan dunya tepi ka wani ninggalkeun papagon agama. Maksadna lain kudu ngajauhan ihtiar kana urusan dunya, tapi dina nyanghareupan urusan dunya ulah tinggal tina  papagon agama, kalayan kudu ngabogaan sifat “wara” anu hartina ati-ati ngabedakeun hukum haram jeung  halal, sangkan eta dunya teu matak cilaka,  tapi sabalikna mawa kamaslahatan keur kahirupan dunya sareng akherat.
     Sapagodos sareng judul ieu seratan,  kumaha solusina dina nyanghareupan kaayaan di jaman kiwari, sangkan bisa ngabenteng diri tina gogodana hawa dunya.  Keur bahan emutaneun dina milarian solusi, yen jalma di jaman kiwari dina ngudag urusan dunya garis badagna mah aya dua jalan nu dipilampah, nya eta :  kahiji, jalma nu teu mirosea papagon agama dina ngudag harta banda; kadua, jalma nu ati-ati (“wara”) dina nyekel papagon agama dina ngihtiaran kabutuhan dunya, anu disebat “jalmi zuhud”.  Hayu urang titenan eta dua jalan anu dipilampah, di handap ieu :
     Kahiji, anu teu mirosea papagon agama.  Lamun urang bener-bener daek nengetan kana kaayaan jaman kiwari, sigana teu kirang-kirang jalma anu teu mirosea atawa anu ngalanggar papagon agama.  Diantarana anu jentre pisan katingalna ku masarakat,   nya eta anu aya pakaitna jeung mentalitas moral anu geus kacida meuceuhna di nagara urang, nya eta anu mangrupa “korupsi”, anu eta pagawean teh malah dipilampah ku anu nyarekel amanah keur kapentingan rahayat.   Teu matak heran lamun aya nu keur nyekel kakawasaan “dijerat hukum” ku aparat KPK pikeun dimenta pertangungan jawab di Pangadilan Tipikor, anu teu sakedik di antara maranehna geus diarasupkeun “ka jero bui” lantaran kabuktian milampah eta kajahatan. 
     Anu kacida diprihatinkeun ku bangsa urang,  lian ti eta laku lampah ngarugikeun duit nagara atawa duit rahayat, oge ditingal tina sisi pangwangunan moral, ari nu nyarekel kakawasaan teh kudu jalmi anu bisa dijadikeun panutan, hartina jalmi anu kudu jadi picontoeun rahayat.   Moal lepat lamun maranehna anu henteu amanah, disebat jalmi anu ninggalkeun papagon agama keur ngudag nafsu dun-yawi, anu disagigireun ngarugikeun bangsa jeung nagara, oge ngamalaratkeun bangsana sorangan.  Eta kalakuan kitu teh kudu jadi musuh bangsa, sanajan anu milampahna bangsa sorangan keneh.
     Kadua, nu nyekel papagon agama. Ieu mah teu kedah dijelaskeun panjang lebar.  Sabab jalmi anu pageuh nyekel papagon agama, pasti jalmi anu sieun ku ancaman jeung siksaan Alloh, lantaran ayana iman jeung takwa dina hatena, anu salawasna  ngarasa ditalingakeun ku Alloh sangkan henteu ngalanggar larangan agama, kalayan salawasna aya dina payung panangtayungan Alloh SWT.
     Nu mana jalma nu bisa ngabenteng diri tina gogodana dunya di jaman kiwari, tangtu jalma anu nempuh jalan kadua, nya eta jalma nu nyekel papagon agama, sanajan maranehna teu weleh kudu waspada ku jalan salawasna ningkatkeun iman jeung takwa.  Keur tapakuraneun dina ningkatkeun iman jeung takwa, dina ieu seratan, urang sami-sami lenyepan piwejang jalmi nu  kagungan elmu luhung, nya eta Syaikh Abdul Qadir Jailani, anu dina salah sahiji ceramahna dina salapan abad  ka tukang anu tug tepi ka kiwari eta piwejang bisa dipake pieunteungeun, anu kasauranana kieu : “Kacida bagjana jalma anu deukeut ka Alloh, anu tuluy sumerah diri, kalayan ninggalkeun hawa nafsu. Jeung ari jalma anu disebat sampurna akalna, nya eta jalma anu tara nyangkeretkeun milampah amal kasaean karana Alloh,  bari teu miharep pangwalesna ti manusa dina milampah eta kasaean”. 
     Salajengna saurna :  “Ari ucapan teh ibarat lengkah kahiji”, jeung “ari amalan teh lengkah kadua”.  Ku dua lengkah eta,  maneh bakal tepi ka Alloh, tapi saenyana anu bakal tepi ka tempat tujuan, anging jalma anu gabogaan elmu jeung zuhud kana urusan dunya”, boh lahirna boh batinna, sabab ari dunya teh osok mawa panghalang kana deukeutna hate ka Alloh. Jalma nu pura-pura zuhud, ngaluarkeun dunya ngan ukur ku panangan, hartina lain ku hate. Tapi  sabalikna jalma anu bener-bener zuhud, malah sanggup ngaluarkeun dunya tina hatena.  Maranehna zuhud kana urusan dunya ku hate maranehna, nepi ka eta kazuhudan ngajadikeun watek dirina, boh lahirna boh batinna. Seuneu kazuhudan bakal  ngadatangkeun sumanget ka maranehna pikeun ngaleuleusan hate sangkan jauh tina mikacinta kana dunya jeung jauh kana pidosaeun  nu datangna  tina urusan dunya”.

     Kacindekan babaran dina ieu seratan, nu kumaha jalma anu bisa ngabenteng diri tina dodoja hawa dunya?  Ku tarik-tarikna hawa dunya di jaman kiwari, rupina mung tiasa dipilampah ku jalan ngihtiaran sangkan salawasna bisa nyaketkeun diri  ka Alloh dibarengan ku sifat zuhud, ninggalkeun hawa nafsu, loba milampah amal kahadean karana Alloh bari teu miharep pangwales ti manusa, ngaleuleusan hate sangkan jauh tina mikacinta kana dunya, kalayan istiqomah do’a nyuhunkeun pitulung Alloh.
     Kitu babaran dina ieu seratan, mugi aya mangpaatna.  Aamiiin yaa rabbal ‘alamin.
Penulis, penyusun ebook kinerja dan nilai-nilai religi di website, tinggal di Kota Cimahi, Jawa Barat, Indonesia.
                         
dalam bentuk file silakan ambil disini
.

0 komentar:

Posting Komentar

 

www.widiakertapranata.com Copyright © 2009 Girlymagz is Designed by Bie Girl Vector by Ipietoon