Senin, 08 September 2014

NGABEDAKEUN SORA HATE JEUNG HAREWOSNA BISIKAN SETAN


                                                            Upload September 8, 2014 :
                                              
                                                  NGABEDAKEUN SORA HATE JEUNG
                                                      HAREWOSNA BISIKAN SETAN
Edisi Basa Sunda

                          Rujukan tina Ensiklopedi Mukjizat Alqur’an dan Hadits   tema pokok

                                                          Kemukjizatan Psikoterapi Islam


DR. Aidh bin Abdullah Al Qurni, pengarang buku terlaris di Timur Tengah, “Laa Tahzan”, berkata :  “Membaca buku-buku keislaman dapat menebalkan keimanan, karena buku merupakan pelajaran yang paling besar, peringatan yang paling agung, pencegah kemungkaran yang paling efektif, dan perintah yang paling bijak”.
                Lewat tulisan ini, yang terinspirasi dari sebuah buku bermutu sebagai sumber rujukan, terlampir, dengan senang hati saya berikan kepada yang senang baca, secara cuma-cuma, mudah-mudahab berkenan menerimanya dan ada manfaatnya.
                                                                                                                        Penulis,
                Cimahi, 10 Zulhijjah 1431. 
 


                                                              Ku H. Widjaja Kartadiredja          


Pangaruh setan ka diri manusa.
             Yakin kana ayana pangaruh setan ka diri manusa teh bagian tina iman,  anu mangrupa percaya kana perkara goib.  Loba pisan dawuhan Alloh dina Alqur’an jeung hadis-hadis Nabi anu nerangkeun yen setan teh   musuh manusa anu nyata, anu salawasnya ngajak kana jalan nu teu dipikaridho ku Allah, anu baris nyilakakeun kana kahirupan manusa di dunya jeung di akherat.  
           Ceuk dina literatur anu dianggo rujukan dina ieu seratan, ari setan ngagoda manusa teh make perantaraan harewosna, anu sok disamarkeun dina jero hate manusa. Ari setan teh salawsana ngadodoho manusa pikeun digoda, sangkan manusa jadi baladna setan,  anu jaga baris  babarengan jadi pengeusina naraka jahanam.  
             Alqur’an ngawartakeun ihwal asal-muasal Iblis ngabangkang kana parentah Alloh, kalayan jangji iblis (jeung balatentarana setan) rek ngagoda manusa tepi ka poe kiamat.  Ieu diterangkeun dina Surat Bani Isra’il (QS.17) ayat 61 jeung Surat Al A’raaf) ayat 11, 12, jeung 16, anu  maksad tarjamahanana kieu :  “Nalika Alloh marentah ka para malaikat supaya sujud ka Adam, kabeh malaikat sarujud ka Adam, kajaba Iblis anu ngabangkang,  karana  Iblis  ngarasa dirina leuwih mulya batan Adam anu asal kajadiananana diyugakeun tina taneuh, sawatara Iblis diyugakeunkeun tina seuneu. Ku kasombonganana, Iblis jangji rek nyasarkeun  anak cucu Adam salawasna tepi ka poe kiamat, kajaba pikeun sabagian leutik ti antara maranehna anu kaasup kana golongan jalma-jalma anu ikhlas.  
Kumaha jawaban Alloh tina ngabangkangna Iblis, diterangkeun  dina Surat Bani Isra’il (QS. 17) ayat 63 anu pidawuh-Na kieu :  “Jig geura indit maneh !  Nya sing saha anu nurut ka maneh ti antara maranehna, saestuna jahanam wawales pikeun maraneh, wawales anu sabobot”.   Tuluy pidawuh-Na deui dina ayat 64 :  “Jeung pek geura ajak ku maneh sing saha anu bisa diajak ku sora maneh ti antara maranehna, jeung prak keprakkeun ku maneh pasukan kuda maneh katut pasukan maneh anu badarat ka maranehna, jeung pek geura sailon jeung maranehna dina hal harta jeung anak, sarta geura jangjian maranehna;  jeung taya lian anu dijangjikeun ku setan teh    anging tipuan wungkul”.
                Ieu ayat netelakeun yen Alloh mere tempo ka Iblis keur nyasarkeun manusa ku pirang-pirang   tipudayana.  Tapi dawuhan Alloh nyebatkeun yen eta tipu daya teh moal wasa  nyanghareupan jalma-jalma anu bener-bener iman, sakumaha anu ditegeskeun ku pidawuh-Na dina Surat Bani Isra’il ayat 65 kieu : “Saestuna ka hamba-hamba Kami setan teh moal wasa naon-naon ka maranehna, jeung cukup Pangeran maneh anu nangtayungan”.
Nu kumaha wujudna harewosna setan teh?
Dina Surat An Naas, manusa diparentah ku Alloh supaya menta tulung jeung nyalindung ka Mantenna   tina panggodana setan anu sok nyamarkeun hate manusa  ku harewosna.
Patarosan anu kacida dumasarna, nya eta nu kumaha wujudna harewosna setan teh, jeung kumaha prak-prakan diharewoskeunana dina hate manusa? 
Jawaban ieu patarosan kacida pentingna  dikanyahokeun, yen harewosna setan anu ditiupkeun dina hate  manusa teh persis sarupa jeung sora hate anu datang tina pikiran jalma anu keur diperdaya setan dina mangsa hatena keur balangah tina ingetna ka Alloh.  Hartina sora hate eta jalma geus disamarkeun ku tipuan setan.
Ari cara setan niupkeun harewosna kana  hate manusa, diterangkeun anu jentrena kieu : Nalika hiji jalma keur mikiran hiji perkara, atawa keur neangan ide-ide anu pakait jeung hiji perkara,  lamun aya lolongkrang keur ayana intervensi setan ku harewosna lantaran kaayaan hatena keur balangah tea kana ingetna ka Alloh, mangka eta jalma bakal ngadenge eta sora dina hatena lir anu datang tina pikiranna sorangan.  Tuluy eta sora hate teh dikedalkeun ku lisanna, atawa dipilampah sakumaha anu diparentahkeun ku sora hatena. 
Lamun eta jalma ngayakinan yen eta sore hate teh datangna tina dirina sorangan, padahal eta sora hate teh geus disamarkeun ku harewosna setan, mangka tetela pisan eta jalma teh geus diperdaya ku tipu daya setan.   
Kitu cara setan nyamarkeun hate manusa ku harewosna.  Mudah-mudahan jadi pepeling keur urang sadaya dijauhkeun tina tipu daya setan, ku jalan salawasna ngihtiaran meresihan hate jeung pikiran, bari teu kendat nyaketkeun diri ka Alloh, sangkan laku lampah aya dina karidhoan Alloh.
Kitu babaran ihwal ngabedakeun sora hate jeung harewosna setan.   Sanaos kitu , wallohu ‘alam bishshwab, anging Alloh Nu Maha Uninga. ***
Penulis, penyusun ebook kinerja dan nilai-nilai religi di website, tinggal di Kota Cimahi, Jawa Barat, Indonesia.

0 komentar:

Posting Komentar

 

www.widiakertapranata.com Copyright © 2009 Girlymagz is Designed by Bie Girl Vector by Ipietoon